Cari Blog Ini

Sabtu, 03 Desember 2011

sisindiran/pantun sunda bagian 2

Takokak daun takekok,budak botak gde bekok,
.
Meuleum manggu eujeung taleus,dicokelan npika jero,
Malem minggu ningang apes,ditoelan knu gelo.

cikaracak ninggang batu lila2 beki legok..
tai cak2 ninggang huntu,lila2 ny dilebokk!,,

Cika cika dina dukuh..
Ekek paeh dina wijen..
Lamun cinta masing puguh..
Moal arek ka nu sejen..

Kembang ros sisi pageur
lucuna kabina bina
abi naros teu diwaleur
hanjeluna kabina bina

salawe dua lima
kabandung rek kakapalan
awewe jaman ayeuna
Geus melendung dirapalan

Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai …. ninggang ….
laun-laun jadi orok

Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh


jalan-jalan ka cianjur
nijek batu ngajelegur
hanas meuli bajigur
diambuan bau bujur

Pimping cakcak pingping toke
anak beurit momotoran
urang pecak peuting engke
bisi kaburu kotoran

ecet-ecet oet-oet
barudak ngarurek belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut

malati kembang malati
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu

imah batur meuni alus
si asep anu gaduhna
ieu abdi kang jalinus
nu kasep raraina....

Saninten buah saninten
Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih aya kalepatan

Meulak Saledri sareung kangkung
Tangkalna dua ngahiji
Loba Istri ditariung
Hanjakal teu bisa Ngaji

Dalam bahasa Indonesia :
Menanam seledri sama kangkung
Batang pohonnya dua menjadi satu
Banyak wanita berkerudung
Tapi sayang tidak bisa ngaji
Manuk ciung na pisitan
buah nangka aratah keneh
dicium kunu kumisan
sabulan karasa keneh

Dalam bahasa Indonesia :
Burung Ciung dipohon dukuh
buah nangka masih mentah
Di cium sama orang berkumis
satu bulan masih terasa

Contoh lain sisindiran percintaan :
ngala saga sisi huma
disamberan ku waliwis
tiis raga tiis sukma
lantaran jadi ka nu geulis
suwangkung ulah dihumbut
pikeun tihang papanjangan
nu jangkung ulah sok imut
bisi kuring kaédanan.

Contoh Sisindiran berisi Nasehat :
ninyuh ubar ku cipati
diwadahan piring gelas
anu sabar éta pasti
ku Allah dipikawelas
papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
mun bisa miara létah
mokaha salamet diri

Contoh Lain yang berisi Guyonan :
jeruk purut Cikaruncang
jambu aér Wanayasa
camerut hayang ka bujang
susu laér teu karasa
cau kepok keur rumégang
dieunteupan bondol héjo
keur dekok katambah égang
ditambahan olol lého

Tidak ada komentar:

Posting Komentar